Cik Nambut 100 - Azmy Z Featuring Asep Balon

Lirik Lagu Cik Nambut 100
Oleh: Azmy Z & Asep Balon
Pas keur cape cape na
Pas keur lelah-lelahna
Tiba - tiba aya WA
Naroskeun kumaha kabarna
Ieu aneh tapi nyata
Da atuh ku tara tara
Pendak ge hilap deui iraha
Jol curhat keur raripuh hirupna
pre chorus :
Curiga boa boa bade nyelang heula
Curiga..... eh da gening enya
chorus :
Cik nambut saratus
Ngarah silaturahmi teu putus
Cik nambut saratus
Tapi mun aya mah lima ratus
Cik nambut saratus
Ngarah silaturahmi teu putus
Cik nambut saratus
Enjing pageto pasti ditebus
Verse Rap 1
Datang datang, asa babari
"Gaduh acis tiis, manawi?"
Sia gayana mah salangit
Padahal kanyataanna pait
Niatna aing téh nulungan
Karna ngomongna mah dibayar isukan
Tapi nyatana éta saukur omdo
Sia jol leungit ciga didahar Komodo
Sia, kudu dirukiyah
Atawa kudu ditajong nepika Suriah
Pas aing keur butuh sia hésé mayarna
Maenya aing kudu nagih ka naraka?
Verse Rap 2
Neang duit téh ripuh
Teu sagampang sia neleg ciduh
Butbet kaditu kadieu teu ciga nyieun emih anu kari ditinyuh
Lain teu karunya, tapi da hampura
Sia mah sok poho, teu cara butuhna
Giliran ditagih kadon jadi
Galak ciga maung keur salatri
Judul : Cik Nambut 100 Cipt : Azmy Z Artist : Azmy Z Featuring : Asep Balon Arr : Nova Budiman & Tedi Oboy Release : 2023